Khutbah Jumat : 24 Januari 2020M / 28 Jumadil Awal 1441H

Khutbah Jumat : 24 Januari 2020M / 28 Jumadil Awal 1441H

IMAN JEUNG TAKWA LANDASAN HIRUP NU DIRIDHOI KU GUSTI ALLOH SWT (YANS20)

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدىْ وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْكَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ، أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلى خَاتَمِ اْلاَنْبِيَآءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ مُحَمَّدٍ وَّعَلى الِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالى فِىالْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ: وَلَوْ اَنَّ أَهْلَ الْقُرَآى آمَنُوْا وَتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَ كَاتٍ مِّنَ السَّمَآءِ وَاْلاَرْضِ وَلكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْ نَهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ. (الاعرف: 96)
 

Hadirin  Rohimakumulloh.
Puji syukur urang sanggakeun ka hadirot Alloh Swt nu parantos ngempelkeun urang di tempat nu mulya ieu pikeun taqorrub ka Mantena ngalangkungan ibadah solat Jum’ah ayeuna. Mugia ibadah urang ieu di tampi ku Alloh Swt sareng tiasa neguhkeun iman sareng ningkatkeun ajen katakwaan urang ka Mantena. Sholawat sinareng salam mugia dikocorkeun ka Nabiyulloh Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna sareng ka sakumna umat Muslim dugi ka akhir zaman.
Hadirin Rohimakumulloh
Islam agama nu dipikaridho ku Gusti Alloh pikeun sakumna manusa, Dinul Islam sanes sakadar ajen hirup nu masihan motivasi pikeun umatna tapi oge jadi faktor kreatif, integratif sareng sublimatif. Mangrupa faktor kreatif, ajaran Islam masihan dorongan gawe produktif tur motivatif, nyaeta digawe kalawan ngagunakeun daya cipta anu mangfaat pikeun ngaweuteuhkeun, nyampurnakeun sagala ikhtiar manusa pikeun hirup wajar tur layak di dunya ieu.
Faktor integratif jeung sublimatif, ajaran Islam ngagabungkeun sareng nyucikeun sakumaha kagiatan hirup manusa sanes mung sakadar dina wilayah ukhrowi wungkul tapi ngurung sakumna kagiatan kadunyawian anu didadasaran ku iman jeung takwa ka Alloh Swt, sangkan sakumna kagiatan tadi jadi ibadah amal soleh.
Al-Qur’an sareng Sunnah Rosululloh Saw salaku landasan moral sareng amal pikeun kaom muslimin tos masihan katangtuan kana dinamika peradaban budaya dunya kaasup dijerona pikeun nyanghareupan perkembangan elmu pangaweruh jeung teknologi tur sagala akibatna.
Kasadaran utama pikeun kaom muslimin dina nyanghareupan pasoalan nu beuki kompleks kiwari nyaeta nyiapkeun sarta ngaberdayakeun sumber daya insani. Ikhtiar ieu jadi katangtuan mutlak sabab salaku makhluk utama nu diciptakeun ku Gusti Alloh Swt, manusa ngabogaan kawajiban pikeun ngawujudkeun amanah Alloh boh amanah ibadah oge amanah kakholifahan pikeun ngama’murkeun bumi (imarotul ardhi). Nyaeta tugas ngokolakeun alam dunya boh sacara nafsiah oge ijtima’iyah, mangrupa ukuran ajen diri kakholifahan manusa di sagigireun tugas-tugas sejen nu sifatna mahdhoh fardiyah, nyaeta ibadah anu langsung disanghareupkeun ka Gusti Alloh Swt.
Hadirin Rohimakumulloh
Pangwangunan, mangrupa hiji kagiatan jeung ihktiar pikeun ngarobah kaayaan kahirupan masarakat kana kaayaan nu leuwih hade ti kaayaan samemehna. Al-Qur’an mepelingan sangkan urang nyokot pelajaran tina mangsa nu kaliwat pikeun nyiapkeun mangsa pikahareupeun anu leuwih alus kalawan didadasaran ku katakwaan ka Alloh Swt. Pidawuh Alloh Swt:


ياأَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّاقَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوْاللهَ اِنَّ اللهَ خَبِيْرٌ بَمَا تَعْمَلُوْنَ.
 

“He jalma-jalma anu ariman, prak aranjeun takwa ka Alloh jeung sawadina tiap diri merhatikeun naon-naon perkara nu geus dipigawena pikeun poe isuk. Jeung prak aranjeun takwa ka Gusti Alloh, saestuna Alloh Maha Uninga kana naon-naon perkara nu ku aranjeun dipigawe”. (QS. Al-Hasyr, 59: 18)
Kalawan nyandak ibroh atawa pelajaran moral tina pangalaman ka tukang, urang tiasa ningali benang merah kacondongan Alloh Swt kana perilaku jeung perbuatan manusa. Al-Qur’an negeskeun yen Gusti Alloh Swt salamina mihak ka jalma-jalma nu tiasa ngamalkeun jeung nyebarkeun ajen takwa jeung kahadean. Pidawuh Alloh Swt:


اِنَّ اللهَ مَعَ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا وَالَّذِيْنَ هُمْ مُحْسِنُوْنَ
 

“Saestuna Alloh marengan ka jalma-jalma anu takwa jeung jalma-jalma anu migawe kahadean”. (QS.An-Nahl, 16: 128)
Hadirin Rohimakumulloh
Ayat ieu nandeskeun yen kacondongan Alloh Swt kana sakabeh kagiatan manusa saperti rohmat, barokah sareng pitulung-Na kedah di pancing ku katakwaan jeung kahadean tadi. Ku kituna mangka pangwangunan kahirupan masarakat anu hade anu dipikaridho ku Gusti Alloh Swt, nyaeta pangwangunan anu mampu ngagerakkeun masarakat pikeun sacara sadar ngamalkeun jeung nyebarkeun sagala kahadean jeung kautamaan anu dipancerkeun tina katakwaan.
Iman jeung takwa mangrupa landasan hirup anu komplementer anu baris ngalempengkeun kana sakumna kagiatan manusa di dunya ieu sangkan ngabuahkeun kahadean jeung kamaslahatan. Takwa jeung kahadean nu dipancerkeunnana ngan bisa diwujudkeun kalawan bener jeung tepat upama dipahamkeun dina dasar Iman atawa Tauhid. Iman ieu anu mere landasan spiritual anu kuat kana perilaku takwa jeung pagawean anu dipandang hade. Sakabeh perbuatan anu teu mibanda landasan ruhaniah Iman atawa Tauhid tadi, dina paningali Gusti Alloh Swt teu ngabogaan harti jeung ajen naon-naon sok sanajan sacara lahiriah katingalina hebat, canggih jeung pikareueuseun. Pidawuh Alloh Swt:


قُلْ هَلْ نُنَبِّئُكُمْ بِاْلاَخْسَرِيْنَ اَعْمَالاً. اَلَّذِيْنَ ضَلَّ سَعْيُهُمْ فِىالْحَيوةِ الدُّنْيَا وَهُمْ يَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ يُحْسِنُوْنَ صُنْعًا. اُوْلئِكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِآيتِ رَبِّهِمْ وَلِقَائِهِ فَحَبِطَتْ اَعْمالُهُمْ فَلاَ نُقِيْمُ لَهُمْ يَوْمَ القِيمَةِ وَزْنًا.
 

“Bejakeun (ku anjeun Muhammad), “Naha Kami bakal ngabejakeun kaaranjeun ngeunaan jalma-jalma anu paling rugi pagaweanana?, nyaeta jalma-jalma anu geus lalawora pagaweanana dina kahirupan dunya ieu, sedengkeun maranehna nyarangka yen maranehna geus digawe sahade-hadena. Maranehna nyaeta jalma-jalma anu kufur kana ayat-ayat Pangeran maranehna jeung kufur kana poe patepung jeung Mantena (akherat). Mangka dipupus sagala amal perbuatan maranehna, jeung Kami teu mere ajen naon-naon pikeun amalan maranehna dina poe kiamah”. (QS.al-Kahfi, : 103-105)
Ku kituna dina ngajenan kana hiji peristiwa, sacara moral urang teu bisa ngan sakadar ngagunakeun ukuran-ukuran subjektif panalaran wungkul. Benerna al-Qur’an sabage wahyu Ilahi kudu dijadikeun padoman dina mere pertimbangan moral kana satiap peristiwa.
Hadirin Rohimakumulloh
Kiwari urang hirup dina zaman nu geus maju boh teknologi boh cara mikir manusana. Tapi ku kamajuan tadi manusa loba nu poho kana diri, leupas kadali, sombong jeung takabur. Maranehna ngawangun peradaban saluhur-luhurna, tapi mun geus tepi kapuncakna kalawan teu sadar maranehna ngancurkeun peradabanana sorangan nu diwangun kalawan susah payah.
Parantos seueur peradaban luhur nu pernah muncul di bumi ieu tapi akhirna ancur binasa ku pagawean maranehna sorangan saperti nu diungkapkeun dina al-Qur’an. Salah sahiji diantarana nyaeta peradaban luhur nu dibawa ku Kaom ‘Ad ti generasi nu kahiji.
Kaom ‘Ad cicingna di wilayah panghadena di Jazirah ‘Arabia, nyaeta di Yaman jeung Hadramaut, nyebar ti basisir Teluk Persia tepi ka wates Mesopotamia. Kaom ‘Ad kamashur mibanda peradaban anu luhur. Kota-kota jeung tempat pamukiman diwangun kalawan endah di lengkepan ku imah-imah anu unik, istana-istana anu megah jeung mewah sarta benteng-benteng pertahanan anu kuat. Puseur dayeuhna nyaeta Iram mangrupa kota gede nu pinuh ku wangunan-wangunan anu mibanda ajen arsitektur luhur nu teu dipibanda ku nagri sejen waktu harita (QS. Fajr, 89: 6-8). Tapi sakumaha diterangkeun dina al-Qur’an, Kaom ‘Ad ti generasi kahiji tadi geus ngancurkeun peradabanana sorangan ku sabab ngalakukeun tilu rupa kasalahan sakaligus: Kahiji; Maranehna sok nyombongkeun kakuatanana sorangan kayaning kamampuhan ngawangun imah anu endah, istana anu mewah, kebon-kebon anu subur, irigasi anu canggih, jeung benteng pertahanan anu kuat (QS. Fushilat, 41: 15). Kadua; Maranehna bertindak sawenang-wenang (dholim) jeung resep ngarusak lingkungan. Maranehna kacida pisan kejem jeung bengis ka jalma-jalma anu lalemah terutama ka jalma anu beda pamadegan jeung kaom penguasa (QS. Asy-Syuro, 26: 130).
Katilu; Maranehna teu daek ariman ka Gusti Alloh, sahingga poho kana dirina jeung leupas kadali hirupna. Sikep maranehna ka para Nabi jeung Rosul Alloh anu mawa Al-Haq salawasna ngahinakeun jeung ngaremehkeun (QS. al-A’rof, 7: 65-72 jeung Asy-Syuro, 52: 123-126). Akibat tina sikep jeung perbuatan maranehna tadi, Gusti Alloh Swt nurunkeun adzab-Na. Kaom ‘Ad jeung hasil peradabannana diancurleburkeun; pangeusina maot patulayah jeung sagala hasil usahana musna binasa taya nu nyesa (QS. al-Haqqoh, 69: 7 jeung 25). Kajadian anu tumiba ka Kaom ‘Ad ti generasi kahiji tadi jadi bukti kana benerna ancaman Alloh sakumaha kaunggel dina surat al-Isra’ ayat 16 :


وَاِذَا اَرَدْنَا اَنْ نُهْلِكَ قَرْيَةً اَمَرْنَا مُتْرَفِيْهَا فَفَسَقُوْا فِيْهَا فَحَقَّ عَلَيْهَا الْقَوْلُ فَدَمَّرْنَهَا تَدْمِيْرًا
 

“Jeung dimana Kami rek ngabinasakeun hiji nagri, mangka Kami marentahkeun ka jalma-jalma anu harirup mewah, megah tur ngaliwatan wates di nagri eta supaya ta’at ka Alloh. Tapi maranehna migawe kadorakaan (fasek, dholim, sawenang-wenang) di nagri eta. Mangka kana perbuatan maranehna geus sapantesna lumaku katangtuan Kami, mangka Kami ngancurkeun eta nagri saancur-ancurna”. (QS. al-Isra’, 17: 16)
Hadirin Rohimakumulloh
Namung Gusti Alloh Maha Adil. Mantena parantos nyalametkeun jalma-jalma anu ariman jeung takwa ti antara Kaom ‘Ad tadi karana narima jeung nuturkeun bebeneran hakiki anu didugi-keun ku Rosul Alloh, nyaeta Nabi Hud as. Ti jalma-jalma anu disalametkeun ku Gusti Alloh tadi lahir generasi anyar, nyaeta Kaom ‘Ad generasi kadua, anu henteu daek migawe deui kasalahan saperti anu dilakukeun ku generasi samemehna. Maranehna ngawangun deui nagrina anu geus ancur, ngawangun deui kahirupan masarakatna kalawan nuturkeun tungtunan Rosululloh Saw. Mara-nehna hirup rukun jeung damai didadasaran ku kaimanan jeung katakwaan ka Alloh Swt. Para pamingpinna jujur, adil, jeung wedi asih ka rahayatna, henteu toma jeung sarakah sahingga rahayatna mikacinta jeung ta’at ka pamingpinna kalawan ihklas. Tina kaayaan model kitu mangka lahir kama’muran, kamajuan, kaadilan, katengtreman, jeung kabagjaan. Sakabehna jadi rohmat jeung barokah nu dikocorkeun ku Gusti Alloh ka eta Kaom ’Ad sakumaha anu ditegeskeun dina pidawuh-Na:


وَلَوْ اَنَّ أَهْلَ الْقُرَآى آمَنُوْا وَتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَ كَاتٍ مِنَ السَّمَآءِ وَاْلاَرْضِ وَلكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْ نَهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ.
 

“Jeung upama pangeusi nagri eta ariman jeung takwa, tinangtu Kami ngalimpahkeun ka maranehna kaberkahan ti langit jeung bumi; tapi maranehna ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami, mangka Kami baris nyiksa ka maranehna disababkeun ku pagawean maranehna sorangan”. (QS. al-A’rof, 7: 96)
Hadirin Rohimakumulloh
Estu kacida bagjana bangsa urang, khususna masarakat Jawa Barat anu ti baheula kamashur nyantri, nyunda jeung nyakola upami iman jeung takwa dipibanda ku sakumna lapisan masarakat; ti kawit ra’yat biasa tepi ka pamarentah nu keur kumawasa, ti kaom awam tepi ka para cendikiawan, ti kawit anu miskin malarat tepi ka jalma anu kaya, para pangusaha jeung konglomerat. Kahirupan masarakat urang bakal ayem tengtrem, tiis ceuli herang panon, sepi paling towong rampog. Kama’muran jeung kaadilan bakal rata sumebar ti kota-kota tepi ka desa-desa. Kamiskinan, kamalaratan jeung sagala katunaan baris leungit luyu jeung tumuwuhna kapadulian, kasatiakawanan jeung solidaritas sosial nu dipancerkeun tina kaimanan jeung katakwaan tadi. Insya Alloh.


بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرأنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعْنِى وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ