Khutbah Jumat : 28 Februari 2020M / 4 Rajab 1441H

Khutbah Jumat : 28 Februari 2020M / 4 Rajab 1441H

“Ngawujudkeun prilaku taqwa dina kahirupan sapopoe”
Assalamu’alaiukm Wr.Wb.


اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلاً. أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الَّذِى اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَىالدِّيْنِ كُلِّهِ وَكَفَى بِاللهِ شَهِيْدًا وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا وَدَاعِيًا اِلَىاللهِ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى مُحَمَّدٍ وَعَلى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنِ اتَّبَعَ الْهُدىْ أَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوْاللهَ اِلَىالْخَيْرِ قَرِيْبًا وَعَنِ الشَّرِّ بَعِيْدًا أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ يَآاَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
 

Hadirin Rohimakumulloh
Saba’da manjatkeun puji syukur ka hadirot Alloh Swt sareng solawat miwah salam pikeun Kangjeng Nabi Muhammad Saw katut ka kulawarga, para sohabat sareng sakumna umat anu satia ka Anjeuna; mangga urang sami-sami ngantebkeun katakwaan ka Alloh Swt mangrupa sarat mutlak pikeun ngahontal kamulyaan sareng kabagjaan di sisi Mantena.
Hadirin Rohimakumulloh
Inti sareng esensi tina sadayana pangabdian manusa ka Gusti Alloh Swt, nyaeta “katakwaan” ka Mantena. Kiwari urang ngempel ngalaksanakeun solat jum’ah pikeun ngabuktoskeun kata’atan kana parentahNa nu didadasaran ku kasadaran sareng katakwaan tadi.
Rosululloh Saw parantos mepelingan ka umatna sangkan salamina takwa ka Gusti Alloh, “ITTAQILLAAHA HAITSU MAA KUNTA – prak aranjeun takwa ka Gusti Alloh keur dimana wae aranjeun aya”. Maksadna takwa teh teu di watesan ku tempat jeung waktu; iraha bae, di mana bae, dina posisi kumaha bae jeung dina kaayaan naon bae.
Nyakitu deui khotib dina ngawitan khutbahna salamina ngadugikeun wasiat pikeun urang sadayana sangkan miara sareng ningkatkeun katakwaan ka Alloh Swt.
Teu kinten pentingna sikep sareng perilaku takwa ieu, dina al-Qur’an langkung 260 kali kecap “takwa” disebutkeun. Salah sahijina sakumaha anu ditukil dina ngawitan khutbah ieu.
Pidawuh Gusti Alloh Swt:


يَآاَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِه وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
 

“He jalma-jalma anu ariman prak aranjeun takwa ka Alloh kalawan takwa anu sabener-benerna, jeung poma aranjeun ulah rek maraot kajaba dina kaayaan keur sumerah diri ka Alloh Swt”. (QS. Ali-Imran, 3: 102)
Jalma anu takwa ka Gusti Alloh Swt kalawan takwa anu sa-bener-benerna takwa (haqqo tuqootih) disebutna “Mutaqin”. Mara-nehna jalma anu paling mulya sabab diluhurkeun harkat, darajat jeung martabatna ku Gusti Alloh Swt.
Pidawuh Gusti Alloh Swt:


إِنَّ اَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللهِ أَتْقَكُمْ
 

“Saestuna jalma anu paling mulya ti antara aranjeun di sisi Gusti Alloh nyaeta jalma anu paling takwa ti antara aranjeun”. (QS. Al-Hujurat, 49: 13)

Hadirin Rohimakumulloh
Takwa dicandak tina kecap “Waqoo” dina bahasa arab. Sok sanajan kecap tadi di wangun tina tilu aksara namung mibanda ma’na sareng hartos anu teu kinten jembarna. Katakwaan mangrupa puncak kahirupan ruhaniah manusa sareng ajaran Islam anu paling poko. Ratusan kali kecap takwa diungkapkeun dina al-Qur’an, hal eta nuduhkeun teu kinten luhurna ajen kasaean anu dikandungna. Sakumaha kautamaan nu dibutuhkeun dina kahirupan dunya sareng akherat parantos kakurung ku kecap takwa tadi. Nyakitu deui pirang-pirang sifat anu mulya sareng pinuji sapertos: jujur, adil, amanah, ihsan, santun, jembar manah, shobar, syukur, nyumponan janji, sareng sajabina mangrupa bagian tina takwa tadi. Sedengkeun rohmat, ni’mat, barokah sareng kabagjaan sadayana buah tina katakwaan.
Ku kituna takwa teh sanes bungkus luar tapi status jero diri (state of inner self) anu wujudna mancer dina kahirupan nyata, nyaeta sikep sareng tingkah laku. Takwa ngagambarkeun kaayaan anu paling jero tina diri manusa ngeunaan eksistensi Gusti Alloh Swt sareng kawajiban tur kasatiaan manusa ka Mantena.
Pidawuh Rosululloh Saw :


اِنَّ اللهَ لاَيَنْظُرُ اِلى صُوَرِكُمْ وَاَجْسَادِكُمْ وَلكِنْ يَنْظُرُ اِلى قُلُوْبِكُمْ وَاَعْمَالِكُمْ، اَلتَّقْوى ههُنَا، اَلتَّقْوى ههُنَا، اَلتَّقْوى ههُنَا وَيَشِيْرُ اِلى صَدْرِهِ (رواه مسلم)
 

“Saestuna Gusti Alloh teu ningali kana rupa jeung wangunan badan aranjeun, tapi Mantena ningali kana hate jeung amal perbuatan aranjeun. Takwa teh di dieu! Takwa teh di dieu! Takwa teh di dieu! (anjeuna ngaisyaratkeun kana dada)”. (HR. Muslim)

Hadirin Rohimakumulloh
Takwa sering dihartikeun “sieun” jeung “ta’at” ka Alloh Swt. Ku sieun sareng ta’atna jadi jalma anu takwa salamina sok ngajaga diri dina sagala perbuatan nu teu dipiridho ku Gusti Alloh sarta kalawan hampang ngajalankeun sagala parentah-Na. Ku kituna di antawis sapalihna Ulama ngahartoskeun takwa teh, “Ngajalankeun sagala parentah sareng ngantunkeun sagala larangan Gusti Alloh Swt”.
Peryogi di tegeskeun yen harti sareng pangamalan takwa dina harti sieun sareng ta’at tadi kedah didasarkeun kana harti Islam numutkeun ukuran al-Qur’an sareng Sunnah Rosul Saw, didasarkeun kana pituduh Kitabulloh sareng tuntunan Sunnah Rosululloh anu muarana karidhoan Alloh Swt. Ngemutkeun kecap “takwa” tadi asalna tina istilah Islam sok sanajan ayeuna mah takwa teh parantos jadi istilah sapopoe sacara populer. Saolah-olah takwa teh geus milik umum margi sakumaha panganut ajaran agama salian ti Islam oge ngagunakeun istilah takwa tadi.

Hadirin Rohimakumulloh
Saleresna Alloh Swt sareng Rosululloh Saw parantos ngajelaskeun harti takwa sacara rinci, jelas tur eces boh dina al-Qur’an boh dina al-Hadist. Nya kitu deui sifat, sikep sareng perilaku amal perbuatan jalma-jalma anu taqwa. Pikeun ngagampangkeun deui pamahaman urang kana takwa ieu, mangga urang segerkeun deui dina emutan urang kana hiji dialog atanapi gunem catur antawis kholifah ‘Umar bin Khothtob sareng shohabat Ubay bin Ka’ab.
Pidawuh Sayyidina ‘Umar: “He Ubay bin Ka’ab, nurutkeun anjeun naon sabenerna anu disebut takwa teh?”. Kenging patarosan kitu, kalawan diplomasi Ubay bin Ka’ab ngawaler, “Nun Amirul Mu’minin, takwa numutkeun pangartian Qur’an sareng Sunnah teh sapertos kieu: Upami salira nanjak dina hiji lamping batu anu nangtawing, anu leueur taya pamuntangan boh tatangkalan boh jujukutan upami kaleresan sampean salira tikosewad dugi ka ragrag kana dasar jurang anu gurawes. Tah kumaha sikep salira nalika nanjak dina lamping batu tadi supados teu tikosewad teras ragrag kana dasar jurang dugi ka maot didinya bari kaayaan badan salira ancur ?”.
Nguping cariosan shohabat kitu, Kholifah Umar bin Khoththob kenging sakedapan mah ngahuleng. Saba’da narik nafas kalawan sora anu abot anjeuna ngawaler, “kami sering ngalaman nempuh jalan model kitu. Jeung nalika kami leumpang dina lamping batu anu nangtawing kitu sangkan teu tikosewad tangtu wae kami kudu kacida pisan ati-atina”.
Shohabat Ubay bin Ka’ab bari mesem nyarios deui, “Tah eta nu dimaksud ku Takwa teh ati-ati dina sagala hal”. Lajeng saurna deui, “Aya tilu perkara anu kedah dijaga kalawan ati-ati teh. Kahiji, ati-ati ngajaga diri urang tina perkara nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. sapertos: syirik, kafir, doraka ka indung bapa, zinah, ninggalkeun ibadah, sumpah palsu, korupsi sareng sajabina. Kadua, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan anu ngaruksak atanapi anu ngarugikeun diri sorangan, saperti: nginum khomer (kiwari narkotika, alkohol, ganja, sabu-sabu), judi, boros (royal), ngamubadirkeun waktu, males, teu daek nungtut elmu, haseum budi, jeung sajabana. Katilu, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan anu ngaruksak jeung ngarugikeun diri batur sok sanajan keur diri sorangan mah mawa kauntungan, saperti: nipu, maling, ngagasab barang batur, mitnah, nganiaya, khianat, mateni, ngadu domba, bohong, ngaganggu rumah tangga batur, ngotoran jeung ngaruksak lingkungan, jeung sajabana”.
Nguping penjelasan ti shohabatna, Sayyidina Umar nyarios: “Kami nganuhunkeun pisan kana sagala katerangan anjeun. Mugi Alloh Swt ngalimpahkeun hidayah sareng taofekna ka urang sangkan urang kaasup hamba Alloh anu takwa tadi”.
Hadirin Rohimakumulloh
Tina dialog atanapi gunem catur kholifah ‘Umar sareng Ubay bin Ka’ab tadi, mangka Prof.Dr.Afif Abdul Faththah Thobaroh dina kitabna “RUHUD DIENIL ISLAM” ngarumuskeun pangartian takwa dina harti ati-ati tadi sapertos kieu :


اَنْ يَتَّقِيَ اْلاِنْسَانُ مَايُغْضِبُ رَبَّهُ وَمَافِيْهِ ضَرَرٌ لِنَفْسِهِ وَاِضْرَارٌ لِغَيْرِهِ
 

“Takwa teh nyaeta inggisna manusa milampah sakabeh perkara nu dibenduan ku Gusti Alloh, kaasup dijerona ngajaga diri tina sakabeh perbuatan (tekad, ucap, lampah) anu ngarugikeun diri sorangan jeung ngaruksak atawa ngarugikeun pikeun batur”.
Jadi jalma anu takwa teh, nyaeta jalma anu salamina ati-ati ngariksa jeung ngaraksa diri tina sakabeh perkara (kahayang, pikiran, ucapan, jeung perbuatan) anu dibenduan ku Gusti Alloh Swt, ngarugikeun dirina sorangan jeung ngarugikeun diri batur.
Sikep ati-ati sareng ngaraksa diri tadi dilakukeun dina tilu hubungan kahirupan. Kahiji, hubungan ka Gusti Alloh Swt (ti abid ka ma’budna, ti makhluk ka kholikna). Jalma anu takwa ati-ati nga-jaga dirina tina sagala perkara (tekad, ucap, lampah) nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. Dina widang akidah, ngajaga kamurnian akidah Islamiyah (taohid) tina sagala rupa rowasib (kamusyrikan jeung kakafiran). Dina widang ibadah (syari’ah), ngajaga kamurni-an pangamalan ibadah anu loyog sareng katangtuan Qur’an tung-tunan Sunnah Rosululloh Saw. Dina widang akhlak, ngajaga diri tina satiap palanggaran kana hudud (wates-wates) Alloh Swt nyaeta ajaran Islam. Kadua, hubungan ka diri pribadi salaku makhluk nafsiah (individual) anu kudu tanggung jawab kana sagala tingkah paripolahna. Magka ati-ati dina raraga takwa ieu, nyaeta kamampuan ngajaga diri tina sakabeh palanggaran boh kana aturan Alloh Swt boh kana aturan manusa anu bakal ngarugikeun ka diri sorangan. Margi, satiap palanggaran bakal mawa karugian pikeun nu migawena boh di dunya boh di akherat, utamana di akherat. Margi sok sanajan di dunya ayeuna nu ngalakukeun palanggaran (dosa, kasalahan) teh bebas tina hukum pidana dunya, di akherat mah geus dipastikeun moal bebas tina wawales Alloh Swt. Sakumaha pidawuh Mantena dina al-Qur’an :


فَمَنْ يَّعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَّرَهُ وَمَنْ يَّعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَّرَهُ
 

“Sing saha nu migawe kahadean sanajan sagede atum (sakeprul lebu) tinangtu manehna bakal ningali babalesna. Jeung sing saha nu migawe kajahatan sanajan sagede atum (sakeprul lebu), tinangtu manehna bakal ningali wawalesna oge”. (QS. al-Zalzalah, 99: 7-8)
Katilu, hubungan ka sasama manusa salaku makhluk sosial (ijtima’iyah). Jalma anu takwa salamina ati-ati ngajaga diri tina sagala perkara (tekad, ucap, lampah) anu bakal ngaruksak tur ngarugikeun batur sok sanajan pikeun diri sorangan ngadatangkeun kauntungan. Kusabab eta pisan mangka umat Muslim diwajibkeun amar ma’ruf nahi mungkar pikeun ngaleungitkeun sareng nyegah kamungkaran nu bakal nimbulkeun karuksakan jeung bencana dina kahirupan. Contona upama ngantep kajeunkeun jalma-jalma nu ngaruksak lingkungan saperti ngajarah jeung ngarambah leuweung mangka bakal timbul bencana alam (longsor, banjir) anu pasti nga-rugikeun pirang-pirang pihak. Pidawuh Gusti Alloh Swt:


وَاتَّقُوْا فِتْنَةً لاَّتُصِيْبَنَّ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْكُمْ خَآصَّةً
 

“Jeung pikasieun ku anjeun datangna fitnah anu akibatna moal ngan tumiba ka jalma-jalma anu doraka wungkul”. (QS. al-Anfal, 8: 25)
Dina ayat anu sejen Gusti Alloh Swt nandeskeun deui:


وَمَاكَانَ رَبُّكَ لِيُهْلِكَ الْقُرىْ بِظُلْمٍ وَأَهْلُهَا مُصْلِحُوْنَ
 

“Jeung pangeran anjeun moal rek ngabinasakeun nagri-nagri kalawan aniaya padahal pangeusina jalma-jalma anu saroleh”. (QS. Hud, 11: 117)
Kitu ungkapan anu gampil kanggo urang pikeun mahamkeun hakekat tina “Takwa ka Gusti Alloh Swt” tadi. Urang sadaya henteu mungkin kenging pangartian hakiki sareng pangamalan takwa anu leres tur tepat upami henteu diwangsulkeun kana pangartian sareng pangamalan takwa numutkeun ajaran Islam.
Hadirin Rohimakumulloh.
Ancur binasana jalma anu kapungkur sakumaha seueur diterangkeun dina Qur’an nyakitu deui reksakna tatanan sosial sareng sendi-sendi moralitas kahirupan masarakat bangsa sareng nagara anu tumiba ka bangsa urang akibat tina krisis multidimensional anu manjang tug dugi ka kiwari, di tambih ku langkung parahna kareksakan lingkungan kahirupan alam ditibanan ku pirang-pirang bencana alam anu taya kendatna di mana-mana. Sadayana eta dina hakekatna akibat tina dosa kolektif atanapi dosa berjama’ah bangsa urang anu kirang syukur ni’mat sahingga ngaingkaran kana sagala pituduh Alloh sareng Rosul-Na. Pidawuh Gusti Alloh Swt:


اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ بَدَّلُوْا نِعْمَتَ اللهِ كُفْرًا وَّاَحَلُّوْا قَوْمَهُمْ دَارَالْبَوَارِ جَهَنَّمَ يَصْلَوْ نَهَا وَبِئْسَ الْقَرَارُ
 

“Naha aranjeun teu merhatikeun jalma-jalma anu geus nu-keurkeun ni’mat Alloh ku kakufuran sarta ngagebruskeun kaomna kana jurang kabinasaan? Nyaeta naraka Jahanam; maranehna tigebrus ka jerona; jeung nu kitu teh panggoreng-gorengna tempat baralik”. (QS. Ibrahim, 14: 28-29)
Namung sadayana eta insya Alloh tiasa diungkulan, didangdosan sareng diwangun deui upami sakumna komponen bangsa urang boh masarakat boh pamarentah mibanda tekad sareng karep anu sami pikeun sasarengan ngadangdosan sareng ngawangun deui kalawan didasarkeun dina katakwaan ka Gusti Alloh Swt dina ma’na anu saleres-lersna atanapi “haqqo tuqootih”. Gusti Alloh Swt moal ngarobah nasib bangsa urang upami urang sorangan henteu berusaha pikeun ngarobahna, ngadangdosanana sareng ngawangunna deui kalawan arah sareng cara anu langkung sae.
Pidawuh Gusti Alloh Swt:


وَمَنْ يَتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَّهُ مَخْرَجًا وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ وَمَنْ يَتّوَكَّلْ عَلىاللهِ فَهُوَ حَسْبُهُ
 

“Sing saha anu takwa ka Alloh, tinangtu anjeuna bakal mere jalan kaluar pikeun maranehna tina pirang-pirang perkara nu disanghareupanana sarta mere ka maranehna rizki tina jalan nu teu disangka-sangka. Jeung sing saha anu tawekal ka Alloh, mangka Anjeuna baris nyukupkeun sagala kaper-luanana”. (QS. Ath Tholaq, 65: 2-3)

Hadirin Rahimakumulloh
Jalma anu takwa, jalma anu moal kersa malikan deui kasalahan. Sagala kasalahan lengkah sareng tindakan kalawan sagala akibatna salamina dijantenkeun ibroh sareng moaidhoh (eunteung sareng pelajaran moral) anu berharga pikeun ngomean diri, ngomean sikep sareng lengkah sangkan pangalaman pait anu parantos kalangkung teu kaalaman deui.
Mangga urang perhatoskeun Pidawuh Alloh Swt ieu :


أَفَمَنْ أَسَسَ بُنْيَنَهُ عَلى تَقْوَىْ مِنَ اللهِ وَرِضْونٍ خَبِيْرٌ أَمْ مَنْ أَسَّسَ عَلى شَفَاجُرُفٍ هَارٍ فَانْهَارَبِهِ فِى نَارِ جَهَنَّمَ وَاللهُ لاَ يَهْدِى الْقَوْمَ الظَّلِمِيْنَ
 

“Naha jalma-jalma anu ngadegkeun wangunanana dina takwa ka Alloh jeung karidhoannaNa eta nu leuwih alus, atawa jalma-jalma anu ngadegkeun wangunanaNa di sisi jurang anu runtuh, tuluy wangunanana eta runtuh tigebrus babarengan jeung maranehna ka jero naraka Jahanam? Jeung Gusti Alloh moal rek mere pitulung ka jalma-jalma anu darolim”. (QS. at-Taubah, 9: 109)
Mugia ayat ieu janten pangeling-ngeling, pituduh sareng tungtunan pikeun urang geusan ningkatkeun katakwaan salaku landasan anu kokoh kuat pikeun ngawangun deui kahirupan masyarakat jeung bangsa urang sangkan dipiridho ku Gusti Alloh Swt. Insya Alloh.

أَقُوْلُ قَوْلِ هذَا وَاسْتَغْفِرُاللهَ العَظِيْمَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلَمَاتِ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

KHUTBAH  KADUA

اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ وَلاَ عُدْوَانَ اِلاَّ عَلى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى مُحَمَّدٍ وَعَلى الِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ. أَمَا بَعْدُ فَيَاعِبَادَاللهِ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاتَّقُوْا اللهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ

Hadirin Rohimakumulloh
Mangga urang sami-sami nundukeun manah pikeun munajat ka Gusti Alloh Swt, mugia Anjeuna nyubadanan kana pangdu’a urang sadayana.

اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ حَمْدًا يُوَافِى نِعَمَهُ وَيُكَافِى مَزِيْدَهُ يَارَبَّنَا لَكَ الْحَمْدُ كَمَايَنْبَغِى لِجَلاَلِ وَجْهِكَ وَعَظِيْمِ سُلْطَانِكَ سُبْحَانَكَ لاَنُحْصِىئَنَآءً عَلَيْكَ اَنْتَ كَمَا اَئْنَيْتَ عَلى نَفْسِكَ وَلَكَ الْحَمْدُ حَتَّى تَرْضى.
اَللّهُمَّ اَصْلِحْ لَنَادِيْنَنَاالَّذِيْ هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا اَلَّتِىْ هِيَ مَعَاشُنَا وَأَصْلِحْ لَنَا اخِرَتَنَا اَلَّتِى هِيَ مَعَادُنَا وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَّنَا فِىكُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ.
اَللّهُمَّ اَعِزِّ اْلاِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَيَسِّرْ مَقَاصِدَهُمْ ِلاِصْلاَحِ اُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ اَللّهُمَّ انْصُرْ مَنْ نَصَرَالدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ.
اَللّهُمَّ اجْعَلْ بَلْدَتَنَا هذِهِ امِنَةً مُطْمَئِنَّةً وَسَائِرُ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ.
رَبَّنَا آتِنَافِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ عَلى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
عِبَادَ الله اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَاِيْتَآءِ ذِىْالْقُرْبى وَيَنْهى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَّلَكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ.